Ngajaga Kaendahan Lembur
Langkung tipayun mangga urang
panjatkeun puji sareng syukur kahadirat Allah SWT, mung ku ridhona arurang
sadaya tiasa kempel di ieu patempatan.
Hadirin sadayana, tos waktosna
ayeuna yen arurang ngajagaan lembur teh, sanes tos waktosnya ketah, da puguh ti
baheula oge tos kawajiban arurang sadaya ngajagaan lembur teh, boh kabersihana,
katertibana jeung kaendahana.
Sanes malah teu paduli kana
lembur arurang teh. Contona sampah, lung kadie-lung kaditu, sabari teu
mikirkeun kana naon-naon dampak ti miceun sampah kamana-meni kitu teh.
Pan geuning sampah teh aya
tempatna. Tapi da jalma hirup tea geuning sok malales kana kawajiban teh.Nya
jadi ayeuna mah sing getol we ngajaga lembur teh, salah sahijina nyaeta miceun
sampah ditempatna.
Mung sakitu anu kapihatur, nyuhunkeun
dihapunten weh bilih aya kalepatan sareng kakirangan ti ieu biantara.
Wabilahi taufik wal hidayah,
Wassalamualaikum Wr. Wb.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar